Adegan Basa Bagian II
Desember 09, 20204. Kecap Kantetan
Kecap kantetan nyaeta kecap nu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur pangwangunan. Kecap Kantetan dibedakeun jadi 2 rupa, nyaeta :
a) Kecap Kantetan Rakitan Dalit (Kompotisum)
Ciri-cirina : 1) unsur-unsurna can awor pisan
b) Kecap Kantetan Rakitan Anggang (aneksi)
Ciri-cirina : 1) unsur-unsurna can awor pisan
2) harti eta kecap kantetan masih keneh bisa dititenan tina unsur-unsur pangwangunaKecap kantetan nyaeta kecap nu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur pangwangunan. Kecap Kantetan dibedakeun jadi 2 rupa, nyaeta :
a) Kecap Kantetan Rakitan Dalit (Kompotisum)
Ciri-cirina : 1) unsur-unsurna can awor pisan
2) nulisna dikantetkeun
Contona : panonpoe, mataholang, kacapiring, parahulu,rajakya, jrd.b) Kecap Kantetan Rakitan Anggang (aneksi)
Ciri-cirina : 1) unsur-unsurna can awor pisan
3) nulisna dipisahkeun
Contona: Koneng gede, kacang panjang, indung bapa, mata simeuteun, pondok lengkah, kamar mandi, gede hulu, jrd.
5. Kecap Wancahan
Kecap wancahan nyaeta kecap anu asalna meunang mondokeun tina sakecap atawa leuwih tapi lain tina kalimah, pangna dipondokeun aya sababaraha sabab :
a) Lantarab deudeuh : Geulis ; jadi lis, neulis, euis
b) Rusuh nyebutna/ gancang : - Atuh da jadi atuda, tuda
- Matak tea oge jadi taktage
- Ceuk uing oge jadi cekengge, jrd
6. Kecap Memet
Nyaeta kecap nu asalna tina hiji omongan tuluy dicokot sawatara engangna nu dianggap penting, contona : comro, misro, cireng, gulamet, sukro, jrd.
Selain kecap memet aya oge anu disebut kirata nyaeta dikira-kira tapi nyata. Contona : geksor, durcong, guru, jrd.
0 komentar