A. Tata Wangunan Basa
Wangunan basa aya 6 rupa, nya eta :
1. Kecap Asal
2. Kecap Rundayan
3. Kecap Rajekan
4. Kecap Kantetan
5. Kecap Memet
1. Kecap Asal
Kecap asal nyaeta sakur kecap anu tacan diropea wangunana, atawa kecap weuteuh anu heunteu dirarangkeun. Contona : sangu, lumpat, bodas, jalma, kuda jrd.
2. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nya eta kecap asal anu make rarangken. Rarangken kabehna aya 4 rupa, nya eta :
3. Kecap Rajekan
Kecap rajekan nya eta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah, sorana atawa henteu. Kecap rajekan aya sababaraha rupa, nya eta :
a. Dwipurwa
1) Dwimurni, contona :2. Kecap Rundayan
3. Kecap Rajekan
4. Kecap Kantetan
5. Kecap Memet
1. Kecap Asal
Kecap asal nyaeta sakur kecap anu tacan diropea wangunana, atawa kecap weuteuh anu heunteu dirarangkeun. Contona : sangu, lumpat, bodas, jalma, kuda jrd.
2. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nya eta kecap asal anu make rarangken. Rarangken kabehna aya 4 rupa, nya eta :
a) Rarangken Hareup (frefiks) ; n, m, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, ng, di, ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, para, silih, barang.
b) Rarangken Tengah (infiks) ; ar, al, um, in
c) Rarangken Tukang (sufiks) ; an, ana, eun, keun, ing, ning.
d) Rarangken Barung (konfiks) ; pang-keun, di-keun, di-an, sa-eun, pi-keun, di-al-keun, pang-ar-keun.
Kecap asal anu geus dirarangkeun harti jeung fungsina jadi sewang-sewangan.
Kecap rajekan nya eta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah, sorana atawa henteu. Kecap rajekan aya sababaraha rupa, nya eta :
a. Dwipurwa
Dwipurwa asalna asal kecapna tina dwi = dua ; purwa = mimiti, hartina engang nu di mimiti diucapkeun dua kali, conto : cabok = cacabok, tajong = tatajong, jrd.
b. DwilinggaDwilingga nyaeta nu dirajek sagemblengna kecap, aya nu robah, aya oge anu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebut dwimurni, nu robah sorana disebut dwireka.
a) Nuduhkeun loba : bangku-bangku, jalma-jalma jrd.
b) Rupa-rupa, sarua sifatna : amis-amis, pait-pait
c) Lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir
d) Nuduhkeun siga : siku-siku, kuda-kuda
e) Nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasep-kasep
2) Dwireka, contona :a) Nuduhkeun rupa-rupa : unak-anik, tulang-taleng
b) Leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobet
c) Nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor
c. Trilingga
Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali bari jeung robah sorana.
Contona : dag-dig-dug, hak-hik-hek, pak-pik-pek, jrd